aya cihujan nu ngamuara dina kongkolak mata.
basa samoja ngarangrangan.
ngan tinggal regang-regangna.
aya nu ngomalir dina bendungan hate
sabada ngusap padung anjeun.
gerentes hate nu meletek ngahibarkeun panjajap rasa.
isuk pageto kuring ge nyusul anjeun.
ngabaris nunjang ngaler.
ngaringkeb di lemah nu asing.
isuk pageto kuring ge nyusul anjeun.
ngabaris nunjang ngaler.
ngaringkeb di lemah nu asing.
Related Posts :
0 komentar:
Posting Komentar